Thursday, October 29, 2020

Khutbah Jum'at Singkat Bahasa Sunda Tema Maulid Nabi

 TILU KAJADIAN PENTING DI BULAN ROBI'UL AWAL

الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَى وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُونَ

أَشْهَدُ أنْ لا إلَهَ إلا اللهُ وَحْدَهُ لا شَرِيكَ لَهُ، وأشهدُ أنَّ مُحَمَّدًا عبْدُه ورَسُولُه

اَللَّهُمَّ صَلِّى وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى نَبِيِّنَا مُحَمَّدٍ وَ عَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُ بِأَحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْن

يَاأَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثَّ مِنْهُمَا رِجَالا كَثِيرًا وَنِسَاءً وَاتَّقُوا اللَّهَ الَّذِي تَسَاءَلُونَ بِهِ وَالأرْحَامَ إِنَّ اللَّهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيبًا

لَقَدْ كَانَ لَكُمْ فِي رَسُولِ اللَّهِ أُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِمَنْ كَانَ يَرْجُو اللَّهَ وَالْيَوْمَ الْآَخِرَ وَذَكَرَ اللَّهَ كَثِيرًا

Jama’ah Jum’at rahimakumullah,

Saba’da manjantkeun puji syukur ka Allah Robbul Ghofur, shalawat sarta salam ka jungjunan agung, te hilap khatib umajak hayu urang sami-sami istiqomah dina ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan urang ka Allah , taqwa anu ngajadikeun urang cinta ka Rasulullah. Sabab ngalangkungan mantena urang apal naon hal anu diparentahkeun ku Allah jeung nu dicegah-Na.

Ayena urang aya dina bulan Robi’ul Awal, bulan Maulid. Bulan dilahirkeunana Rasulullah Muhammad . Nanging langkung ti eta, aya sababaraha peristiwa penting anu terjadi dina bulan ieu. Tilu diantawisna nyaeta dina bulan Robiul Awal ieu dilahirkeunana Rasulullah, hijrahna ka Madinah sarta wafatna Rasulullah .

Robiul Awal ilaharna disebut bulan maulid. lantaran lahirna Rasulullah numutkeun jumhur ulama tepatna dina dinten Senen kaping 12 Robi’ul Awal taun Gajah sakumaha disebutkeun ku Ibnu Katsir Rahimahullah dina Sirah Nabawiyah.

Ibnu Abbas radhiyallahu ‘anhu ngariwayatkeun yen: “Nabi dilahirkeun dina dinten Senen, diangkat janten Nabi dina dinten Senen, wafatna dinten Senen, kaluar hijrah ti Makkah ke Madinah dina dinten Senen, sumping di Madinah dina dinten Senen jeung ngangkat hajar aswad (pikeun disimpen dina tempatna) oge dina dinten Senen.” (HR. Ahmad sareng Thabrani dina Al-Kabir)

Kaajaiban saat kalahiran Rasulullah anu sumberna tina hadits shahih, saur Syaikh Mahmud Al Mishri yen ibunda nabi ninggal cahaya kaluar tur nyaangan istana-istana Romawi di negeri Syam mangsa Rasulullah dilahirkeun.

Rasulullah ngadawuh: “Kami mangrupa do’a bapa kami Nabi Ibrahim, kabar gumbira Nabi Isa jeung indung kami ninggal cahaya kaluar nyaangan istana-istana di Syam” (HR. Ahmad jeung Hakim)

Ibnu Rajab rahimahullah ngadugieun perkara hadits ieu, “Kaluarna cahaya mangsa lahirna Rasulullah mangrupa hiji ciri tina naon nu bakal datang. Yakni cahaya anu ngajadikeun pituduh ku penduduk bumi jeung leungitna syirik ti muka bumi.”

Jama’ah Jum’at rahimakumullah,

Bulan Robiul Awal oge mangrupi bulan hijrahna Rosulullah ka Madinah. Saba’da turun perintah Allah, Rosulullah sareng para sahabat angkat hijrah ka Madinah,

Ibnu Katsir rohimahullah ngajelaskeun yen Rosulullah sumping di Madinah tepat dina dinten Senen kaping 12 Robiul Awal.

 

Jama’ah Jum’at rahimakumullah,

Bulan Robiul Awal oge mangrupa bulan wafatna Rasulullah . Pof. Dr. Ali Muhammad Ash Shalabi dina bukuna Sirah Nabawiyah ngajelaskeun yen Rasulullah wafat dina dinten Senen ping 12 Robiul Awal taun 11 Hijriyah dina yuswa 63 tahun.

Nalika anjeuna bade pupus, anu paling diemutan ku anjeuna nyaeta ummatna. Maka anu kaluar tina lisan anjeuna nyaeta “ummati.. ummati… ummati..” Mantena melang ka umatna. Umat anu salami ieu dibela jeung diperjuangkeun. Umat anu salami ieu dibina. Umat anu salami ieu dipikanyaah.

Jama’ah Jum’at rahimakumullah,

Rasulullah nyaaheun pisan ka jalma-jalma mukmin. Makana mantena nyimpan do’a pamungkas anu mangrupa syafaat engke jaga di akhirat. Nalika jalma-jalma kapanasan, kahausan jeung kasieun di padang mahsyar, Rasulullah bakal manggil umatna pikeun dipaparin ngaleueut di telaga kautsar. Maka jalma-jalma anu tos ngaleueut cai ti telaga eta moal hanaang salalamina. Jeung nalika jalma-jalma singkuriling milari syafaat ka para nabi, maka mung mantena wungkul nu maparin syafaat ka ummatna.

Jama’ah Jum’at rahimakumullah,

Mun ninggal kana ageungna rasa cinta Rasulullah ka urang salaku ummatna, ayena sakumaha rasa cinta urang ka anjeuna? Kukituna di bulan Robiul Awal ini, hayu urang seueurkeun tafakur jeung muhasabah.

Tos sabaraha seueur urang ngaoskeun sholawat ka anjeuna? Sabab salah sahiji ciri cinta nyaeta seueur nyebut name kakasihna, Jeung pangalus-alusna nyebut nami Rasulullah ku maos shalawat ka mantena.

Hiji shalawat bakal diganjar ku sapuluh kahadean, dihapus sepuluh dosa jeung diangkat sepuluh derajat. Sing saha jalma anu loba shalawatna, maka anjeuna jadi jalma nu paling seueur kenging syafaat Rasulullah di akhirat jaga. Sakumaha duhannana:

أَوْلَى النَّاسِ بِى يَوْمَ الْقِيَامَةِ أَكْثَرُهُمْ عَلَىَّ صَلاَةً

 “Jalma anu paling berhak kenging syafa’at kami di poe kiamat nyaeta jalama anu paling seueur sholawat ka kami” (HR. Tirmidzi)

Jama’ah Jum’at rahimakumullah,

Mudah-mudahan urang sadayana kalebet jalmi-jalmi anu istiqamah nyeueurkeun shalawat sarta ngajalankeun Sunnah Rasulullah ﷺ anu mangrupi hiji bukti cinta urang ka mantena. Jeung urang sadayana kenging cinta tur syafaat jaga di yaumil akhir. amiin ya Rabbal ‘alamin.

 

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْمِ وَنَفَعَنَا وَاِيَّاكُمْ بِالْاَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ فَاسْتَغْفِرُوْا رَبَّكُمْ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

 

Bagi yang membutuhkan filenya, silahkan ikuti tautan berikut => download

Semoga bermanfaat


No comments:

Post a Comment

VHD FRESH TERBARU VERSI 14.22.7.0 PELAKSANAAN GLADI DAN ANBK UTAMA 2022

 Asesmen Nasional atau biasa disingkat AN adalah evaluasi yang dilakukan oleh pemerintah untuk pemetaan mutu sistem pendidikan pada tingkat ...