Saturday, February 9, 2019

NARASI SUNGKEMAN PERPISAHAN BAHASA SUNDA

Assalamu'alaikum dan selamat beraktivitas.
Sahabat bloger semua, pada kesempatan kali ini saya akan berbagi naskah untuk acara perpisahan di sekolah, bagi yang membutuhkan teksnya sebagai berikut :

Bapa & Ibu para pupuhu Yayasan ..... sarta para tamu ondangan hormateun sim kuring..... Ka dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah, sim kuring sateuacan ngiring jabung kumalaku, lumampah cumarita seja wakca balaka, wiréh sim kuring sanés pujangga anu ahli ngaréka basa, sanés sastrawan anu ahli dina ngaraéh caritaan. Kumargi kitu paralun maklum anu kasuhun, hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana kakedahannana. Ka para ahli ngukir sya’ir, pujangga ahli sastra mugia ulah haru ulah ganggu, sawios sim kuring neda widi paralun maklum sakedapan hoyong dikoréksi, diropéa, ogé dioméan manawi tiasa nyampurnakeun kana curat-corét sim kuring.

Bismillahirrohmanirrohim.
Kalayan nyebat Asma Pangéran, Dzat anu Maha Welas tur Maha AsihSeja kaula ngawitan mituturan murangkalih anu kiwari parantos tamat na mangsa nyuprih elmu di SMK Budi Bakti Utama.
Teu pisan-pisan urang samudayana anu sami hadir, kalayan ridlo lillahi ta’ala ngagebregkeun jiad pangdu’a ka murangkalih urang sadaya adu bade ngantunkeun ieu sakola.

Mangga ka pasangan siswa + siswi anu parantos dipaparin pancen, geura lumampah nyaketan kana pangkonan para pupuhu sakola.
Sok gera deku dina pangkonan para pupuhu.... Gera sumanggem ka aranjeuna anu janten wawakil ti guru – guru hidep.....
Siswa
Bapa,........Ibu................, dinten ieu abdi sumanggem, dipayuneun bapa sinareng ibu...
mung seg manah tiasa di buka
 nyaksian lambey cumarios,
Bapa....Ibu..... Asa Sesah Abdi Ngantunkeun. Asa Sesah Kanggo Ngalengkah
 
Abot Kusono, Abot Kunyaahna, Abot Ku Kadeueuh, Netesken Katresna,
 
Ngatik ... Ngadidik,,Tanwangen Sanes Kanten.

Bapa...., Ibu.......,Abdi Sadaya Ngaraos Yakin, Kaheman Bapa Kalih Ibu Wening Ku Asih. Sareng Keubeuk Ku Kanyaah, Anu Taya Higgana

Bapa....., Ibu.............
Pileuleuyan – Pileuleuyan, Sapunyere Pegat Simpay
Paturay Patepang Deui
Ya Allah.....Pangeran Abdi Sadaya
Mung Ridha ti Gusti Nu Maha Suci tur Du’a Ti Bapa Kalih Ibu guru
Hirup Kumbuh Di Dunya Sing Rawuh Walatra
Amin ...Ya ..Allah Ya...Roball Alamin...

NARASI GIRANG PANGATIK ( BAPA KEPALA ..........)

Anaking ........
Dina mangsa anu mulya urang salila tilu tahun babarengan
dina kaayaan bungah jeung sedih.
Bungah jeung sedih dina raraga nyuprih elmu anu dipikaridho ku Gusti Anu Maha Suci.....
Anaking….
Tilu tahun ka tukang hidep dititipkeun ku indung jeung bapa hidep,dititipkeun pikeun dielmuan dididik dibere atikan nu bakal manfaat dunya tur akherat.....
Anaking ................
Kiwari nitih wanci, katitih katarik tulis
ayeuna ..hidep kawas tamat na mangsana
Tilu taun anu ditunggu sawatara mangsa anu didagoan
kiwari ngajadi bukti, ngajangelek poe nu hade
hidep mungkas mangsa diajar tilu taun lilana

Anaking….
Poe ieu mangrupa poe terakhir urang babarengan…
Indung jeung bapa hidep di sakola sanes teu hoyong sareng salawasna…
Sanes teu hoyong pikeun ngelmuan…
Tapi hidep kudu neruskeun nyuprih elmu anu leuwih luhur pikeun ngahontal cita-cita..
Tapi hidep kudu neruskeun kahirupan di alam nyata...

Kasep... Geulis... poe ieu.... Bapa katut ibu guru neda panghampura ka aranjeun sadaya.
Kanu bageur..... Nyaah kubageurna, kanu bangor nyaah kubangorna..... ari bodo jeung pinter, kapan eta mah banda manusa. Manuk hibeur kujangjangna, manusa hirup ku akalna
bapa katut ibu mung tiasa ngadu’a tikaanggangan
.
Beber layar tarik jangkar, pacuan ulah rek poho
jimat jatining waluya.....
Ngalengkah baca bismilah, nyatandang bunarung iman
rancage migawe pancen, ditameng leber wawanen
batal wudu, batal sholat anaking...,
gampang malikanana 
batal lampah hese ngubaranana.

Pamungkas katineung hate, bral anaking geura leumpang...geura leumpang makalangan..... geura igeulan ieu dunyaanu pinuh ku cobaan.............
Geura udag cita-cita anu mulya........
Geura udag elmu anu luhur…
Mudah-mudahan elmu, didikan jeung atikan anu geus ditarima ku hidep sing aya guna tur manfaatna pikeun pibekelen hirup di dunya tur akherat…
Kasep....geulis, sok gera ngadeg. Geura lumampah kanu jadi indung atawa rama hidep... Mangga ka sadaya siswa/siswi anu sanesna, supados sami-sami deku di pangkonan ibu atanapi rama hidep.

“Jeung Kami geus marentahkeun ka manusa (pikeun ngabakti) ka indung bapana; indungna geus ngakandung manéhna dina kaayaan lemah anu kalangkung-langkung lemahna, jeung indungna ngasuh manéhna salila dua taun. Kudu syukuran ka Kami jeung ka indung bapa manéh, ngan ka Kami wungkul manéh mulang ka asal. (Q.S. Luqman : 14)

Kasép, Geulis.
Teuteup kalawan geugeut pameunteu marantenna. Sawang ku hidep sadaya ka alam ka tukang, anu jauh narawangan. Pék patepungkeun paneuteup ajeun jeung paneutep indung/rama anjeun. Bayangkeun ku hidep yén dina satétés getih anu ngalémpéréh, sahégak nafas anu ngadami dina angen. Pék rarasakeun ku hidep ratugna jajantung, rénghap ranjugna rarasaan. Tamperkeun dina sirah, seuseup ngaliwatan napas lalaunan singreup alon-alon, kalayan rarasakeun yén hidep téh keur nyeuseup kanyaah jeung kahémanna indung bapa.
Prak, mangga ujang-nyai. Kasép – Geulis, geura nyaluuh kana lahunan indung.
Saméméh hidep barang pénta kanu jadi indung, pék haturananan heula tawis rasa tumarima ngalangkungan basa ka anjeuna. Kalayan dimimitian ku keretegna manah. Uningakeun kanu janten ibu/rama hidep.

Siswa
Amah...apa, dina danget ieu kalayan syaré’atna disakséni ku kadang wargi anu hadir di ieu haflah, hakékatna disakséni ku Alloh SWT, langkung tipayun abdi seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketik kabingahan kana kasaéan anu parantos dipaparinkeun ka abdi. Abdi jelas kahutangan ku Mamah, ti kawit abdi di kandung anu ilaharna salami salapan sasih, tinangtos kapayahan anu langkung-langkung. Siang kalayan wengi Mamah teu weléh sumujud ka Rabbul ‘Izzati, tumamprak ka Gusti Alloh neneda palay dipaparin putra-putri anu sampurna salamet, waluya sapuratina.
Kasawang ku abdi kasusah Mamah, nalika bureuyeungan, seunggah gulang gasahan. Patuangan nyelekit beuki narikan. Celekit dina parindikan, jeletot dina bobokong, reyang-reying teu betah cicing. Harita basa tengah peuting Mamah humarurung nyalira. Sakawitna moal ngageumpeurkeun balaréa. Sugan jeung sugan kanyeri dina patuangan bakal ngurangan. Nanging sanés ngurangan nyeri anu aya, malihan tambih-tambih nyeri. Harita, Mamah ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat. Ménta tulung, ménta nyalindung.
Dina waktu Mamah ngalahirkeun abdi, Mamah bajuang dina tungtung hirup. Tanaga Mamah, engapan Mamah, kesang Mamah, cai soca Mamah, getih Mamah nyurugcug maseuhan bumi pikeun mélaan anu jadi anak.
Mamah + apa milampah sadaya kabutuh nu jadi anak dumasar kana kaikhlasan jeung ngagedurna rasa kanyaah anu taya wates wangenna.
Mamah..., apa... mugia dina danget ieu, wanci kiwari abdi ngésto tina lelembutan abdi anu pangjero-jerona, tina mamaras manah anu sadasar-dasarna abdi neda hampura tida samudaya dosa perdosa. Tinangtos dosa abdi anu janten putra moal kaétang seueurna. Abdi yakin sanajan sakumaha benduna, Mamah lautan hampura jembar manah tiasa ngahapunten ka abdi.
Kiwari abdi tos rengse ngalaksanakeun sagala kawajiban di ieu lembaga... mung du’a ti mamah + apa abdi tiasa mayunan gerbang kahirupan alam nyata....

IBU.
Deudeuh teuing kasép, geulis anak Mamah & apa saleresna kasedih Mamah & apa dina danget ieu lain kusabab kapusingna indung kanu jadi anak. Keun sagala kasalahan anu geus dipilampah kuhidep dina waktu anu ka tukang-tukang ku Mamah dihampura. Nanging anu ngalantarankeun Mamah + apa sedih danget ieu téh nyaéta kabeurat haté indung kanu jadi anak. Asa kamari hidep ku Mamah disééh, diakod-akod waktu orok, diméménan waktu budak. Harita basa hidep gégag-gégag diajar leumpang, bari sakapeung titotorojol ti kajauhan hidep tékah-tékah bari tuluy ngagabrug kana lahunan indung. Bungah amar wata suta haté anu jadi indung, nalika nu jadi anak tumuwuh mekar kalayan sampurna.
Kiwari, ti harita mangsa ngaliwat bari teu karasa. Geuning si kasép anu dihancleung-hacleung ku Mamah + apa, si Geulis anu ditimbang-timbang ku Mamah + apa... teu sangka geuning geus sawawa, diistrenan diwisuda ku sakola.
Amanah ti mamah + apa, kade prak gera tumutkeun naon anu tadi pitutur guru-guru hidep, supaya hidep kenging kabagjaan dunya rawuh akhirat. Amin Ya Robbal Alamin...

Tuh geuning, sagara tanpa tutugan. Sagara tanpa basisir geus ngagupayan ménta dikojayan. Geura bral undur tina pangkonan, geura hontal kasinugrahan.....
Mangga kasep ... geulis gera ngadeg deui, gera uih deui kana tempat calikna masing-masing.

Hadirin anu sami rawuh, dupina mung sakitu upacara sungkeman anu kapihatur, hapunten anu kasuhun.
Wassalamu’alaikum....

Bagi sahabat yang membutuhkan file format pdf lengkap dengan background suara pengiring, sahabat semua bisa unduh pada tautan berikut ini.


Selamat berkarya

No comments:

Post a Comment

VHD FRESH TERBARU VERSI 14.22.7.0 PELAKSANAAN GLADI DAN ANBK UTAMA 2022

 Asesmen Nasional atau biasa disingkat AN adalah evaluasi yang dilakukan oleh pemerintah untuk pemetaan mutu sistem pendidikan pada tingkat ...