Monday, February 22, 2021

SUNGKEMAN PERNIKAHAN ADAT SUNDA


    
Dalam setiap perhelatan acara pernikahan tentunya akan ada banyak acara yang dilangsungkan, mulai dari acara penyambutan sampai kepada acara sawer panganten! Nah, biasanya dalam sebuah acara pernikahan di daerah pasundan, terdapat acara yang paling sakral selain akad (Ijab Qabul). Pada kesempatan ini kami akan memberikan sedikit referensi narasi sungkeman, yang mudah-mudahan dapat menjadi bahan bagi anda yang membutuhkan. Namun jika masih ada kekurangan dan kesalahan dalam penulisan narasi ini, kritik dan saran sangat kami tunggu, demi perbaikan dan potingan berikutnya.

Berikut narasi lengkap sungkeman dalam acara upacara adat dari Pernikahan Adat Sunda. Semoga bermanfaat!


NARASI SUNGKEMAN

Ka dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah, sim kuring sateuacan ngiring jabung kumalaku, lumampah cumarita seja wakca balaka, wiréh sim kuring sanés pujangga anu ahli ngaréka basa, sanés sastrawan anu ahli dina ngaraéh caritaan. Kumargi kitu paralun maklum anu kasuhun, hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana kakedahannana. Ka para ahli ngukir sya’ir, pujangga ahli sastra mugia ulah haru ulah ganggu, sawios sim kuring neda widi paralun maklum sakedapan hoyong dikoréksi, diropéa, ogé dioméan manawi tiasa nyampurnakeun kana curat-corét sim kuring.

Bubuka

Bismillahirrohmanirrohim.

Kalayan nyebat Asma Pangéran, Dzat anu Maha Welas tur Maha AsihSeja kaula ngawitan mituturan sapasang manusa anu kiwari parantos ngahiji kalayan widi Gusti Nu Maha Suci ngalangkungan jalan jatukrami.

Dina ngawitan ngambah ngabaladah sagaraning kahirupan, teu pisan-pisan urang samudayana anu sami kersa sumping, kalayan ridlo lillahi ta’ala ngagebregkeun jiad pangdu’a ka dua mempelai. Ngalangkungan du’ana Rasululloh SAW. Mangga urang ‘aos sasarengan :

 Bismillahirrohmanirrohim….

Baarokallohu laka wabaroka ‘alaika wa jama’a bainakuma fi khoiir

(Mugia kabarokahan sareng kasinugrahaan Alloh tumetep euntreup, nyanding mipir ngabanding, lamokot geugeut ka hidep duaan, sareng pamudah-mudahan hidep duaan dikumpulkeunana ku Alloh téh sinanding jeung kasaéan, amin).

 

وَوَصَّيۡنَا ٱلۡإِنسَٰنَ بِوَٰلِدَيۡهِ حَمَلَتۡهُ أُمُّهُۥ وَهۡنًا عَلَىٰ وَهۡنٖ وَفِصَٰلُهُۥ فِي عَامَيۡنِ أَنِ ٱشۡكُرۡ لِي وَلِوَٰلِدَيۡكَ إِلَيَّ ٱلۡمَصِيرُ

 

 “Jeung Kami geus marentahkeun ka manusa (pikeun ngabakti) ka indung bapana; indungna geus ngakandung manéhna dina kaayaan lemah anu kalangkung-langkung lemahna, jeung indungna ngasuh manéhna salila dua taun. Kudu syukuran ka Kami jeung ka indung bapa anjeun, ngan ka Kami wungkul anjeun bakal mulang. (QS. Luqman : 14)

Mangga ka pasangan panganten, geura lumampah nyaketan kana pangkonan ibu rama

 

Kasép, Geulis

Heup eureunkeun lengkah anjeun duaan dipayuneun ibu rama. Teuteup kalawan geugeut pameunteu marantenna. Sawang ku hidep duaan ka alam ka tukang anu jauh narawangan. Pék patepungkeun paneuteup ajeun jeung paneutep indung bapa. Bayangkeun ku hidep yén dina satétés getih anu ngaléméréh, sahégak nafas anu ngadami dina angen. Pék rarasakeun ku hidep ratugna jajantung, rénghap ranjugna rarasaan. Tamperkeun dina sirah, seuseup ngaliwatan napas lalaunan singreup alon-alon, kalayan rarasakeun yén hidep téh keur nyeuseup kanyaah jeung kahémanna indung bapa.

Prak, mangga ujang-nyai. Kasép – Geulis, Neng ….. Cep….. geura nyaluuh kana lahunan nu jadi indung.

Saméméh hidep duaan barang pénta kanu jadi indung, pék haturananan heula tawis rasa tumarima ngalangkungan basa ka anjeuna. Kalayan dimimitian ku keretegna manah. Uningakeun kanu janten ibu, kieu unina : “Ema, dina danget ieu kalayan syaré’atna disakséni ku kadang wargi anu hadir di dieu, hakékatna disakséni ku Alloh SWT, langkung tipayun abdi seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketik kabingahan kana kasaéan anu parantos dipaparinkeun ka abdi. Abdi jelas kahutangan ku Ema, ti kawit abdi di kandung anu ilaharna salami salapan sasih, tangtos kapayahan anu langkung-langkung. Siang kalayan wengi Ema teu weléh sumujud ka Rabbul ‘Izzati, tumamprak ka Gusti Alloh neneda palay dipaparin putra-putri anu sampurna salamet, waluya sapuratina.

Kasawang ku abdi kasusah Ema, nalika bureuyeungan, seunggah gulang gasahan. Patuangan nyelekit beuki narikan. Celekit dina parindikan, jeletot dina bobokong, reyang-reying teu betah cicing. Harita basa tengah peuting Ema humarurung nyalira. Sakawitna moal ngageumpeurkeun balaréa. Sugan jeung sugan kanyeri dina patuangan bakal ngurangan. Nanging sanés ngurangan nyeri anu aya, malihan tambih-tambih nyeri. Harita, Ema ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat. Ménta tulung, ménta nyalindung.

Ema parantos béak déngkak nahan kanyeri jeung kapeurih. Luut léét kesang badag, késang leutik burayoan maseuhan sakujur salira. Nguyang darah, mandi getih, sakapeung dibarung ku kasusah, sakapeung haté tugenah. Harita Ema parantos ngaboreuhkeun jiwa raga, nyawa pingaraneunana. Anu namina ngajuru, luyu sareng istilahna. Hartina nyawa Ema téh aya dina sajuruna deui.

Ema….. Dina waktu Ema ngalahirkeun abdi, Ema bajuang dina tungtung hirup. Tanaga Ema, engapan Ema, kesang Ema, cai soca Ema, getih Ema nyurugcug maseuhan bumi pikeun mélaan anu jadi anak.

Nalika gubrag si jabang bayi gumelar ka alam dunya, denghékna sora orok ceurik sataker kebek, ceurik munggaran anu minuhan wewengkon alam. Nya harita pisan basa ninggang kana wanci subuh abdi lahir ka alam dunya. Ti harita Ema teu bisa kulem anu tibra, teu bisa léha-léha. Ngupahan tur ngabélaan nu jadi anak. Budak gering milu gering, budak rungsing henteu pusing. Ema milampah sadaya kabutuh nu jadi anak dumasar kana kaikhlasan jeung ngagedurna rasa kanyaah anu taya wates wangenna.

Ema…., mugia dina danget ieu, wanci kiwari abdi ngésto tina lelembutan abdi anu pangjero-jerona, tina mamaras manah anu sadasar-dasarna abdi neda hampura tina samudaya dosa perdosa. Tinangtos dosa abdi anu janten putra moal kaétang seueurna. Abdi yakin sanajan sakumaha benduna, Ema lautan hampura jembar manah tiasa ngahapunten ka jisim abdi.

 Narasi Indung

Deudeuh teuing kasép, geulis anak Ema saleresna kasedih Ema dina danget ieu lain kusabab kapusingna indung kanu jadi anak. Keun sagala kasalahan anu geus dipilampah kuhidep dina waktu anu ka tukang ku Ema dihampura. Naning anu ngalantarankeun Ema sedih danget ieu téh nyaéta kabeurat haté indung kanu jadi anak. Asa kamari hidep ku Ema disééh, diakod-akod waktu orok, diméménan waktu budak. Harita basa hidep gégag-gégag diajar leumpang, bari sakapeung titotorojol ti kajauhan hidep tékah-tékah bari tuluy ngagabrug kana lahunan Ema. Bungah amar wata suta haté anu jadi indung, nalika nu jadi anak tumuwuh mekar kalayan sampurna.

Kiwari, ti harita mangsa ngaliwat bari teu karasa. Geuning si kasép anu dihancleung-hacleung ku Ema, si Geulis anu ditimbang-timbang ku Ema teu sangka geuning geus sawawa, dewasa, manjing milampah rumah tangga. Nyukcruk galur sunnah Rasul, mapay lacak papagon agama. Samémangna parantos titis tulis ti ajalina, gurat qodar Nu Maha Kawasa. Hidep kiwari seja ngamimitian ngabaladah sagara rumah tangga. Geura bral miang, bébér layar tarik jangkar ku Ema didu’akeun mugia sing tinemu jeung kabagjaan dunya katut ahérat.

Mangga kasép, geulis geura ingkah tina lahunan Ema ngalih kana panggonan apa

Prak tumamprak, rep sidakep, sir budi cita rasa. Sagulung-sagalang sukma nu paanggang kiwari ngahiji dina seuseukeut kaasih kolot kanu jadi anak. Ujang, nyai – kasép, geulis. Sok puseurkeun panyawang hidep kana kanyaah nu jadi bapa.

 Narasi anak

Apa…., rumaos abdi mindeng musingkeun ka Apa. Dina danget kiwari clik putih jatining bersih, clak hérang jatining padang, ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal, getih satétés ambekan sadami, kiwari abdi neda jembar hampura tinu jadi bapa.

 Narasi bapa

Beu kasép, geulis. Malati lingsir na ati, angsana ligar ku mangsa. Hamo lingsir dina wanci, moal ligar dina mangsa. Kiwari wanci tur mangsana Apa dumareuda wakca balaka ka hidep duaan. Sabenerna, gunung karahayuan, pasir kaasih, sagala kanyaah Apa kahidep téh mémang langka kakedal ku lisan, jarang karaba ku carita. Naning sanajan kitu, ngahunyudna kanyaah Apa ka hidep téh tinangtos langkung-langkung kanyaah. Sabab, sagala rupa anu diusahakeun ku Apa bélaan ngadua-duakeun huap, ti sruk-sruk tidungdung bélaan poho ka temah wadi, teu aya lian nyaéta mélaan nu jadi anak. Melak kai, ngingu sapi tur sagala cacawisan hirup taya lian nyaéta ngakirangan nu jadi anak.

Anaking…. Dina salila ngipayahan, nyumponan kabutuh hirup nu jadi anak. Sakapeung mah Apa téh mindeng baringung, ditambah bangluh kasusah nalika teu bisa nyumponan kahayang nu jadi anak. Apa rajeun ngalamun, mikiran tur narékahan kumaha carana sangkan kahayang nu jadi anak bisa kacumponan sapuratina.

Keun cuang teundeun kakeuheul anu geus harareubeul, cag cuang tunda kangéwa anu geus tiheula. Cuang ganti ku budi anu sajati, ku wajah anu marahmay. Sok ku Apa kiwari hidep dihampura, sagala rereged, kaijid, kangéwa, tur kageuleuh, kiwari balungbang timur, caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan.

Cag, anaking geura tandang miang makalangan, geura milampah babarengan kalayan diwuwuh ku du’a nu janten sepuh. Dijiad ku panghiap nu jadi bapa. Montong melang, tong salempang léngkahkeun sampéan bari ngucapkeun niat seja milampah tugasna Pangéran…

Tuh geuning, sagara tanpa tutugan. Sagara tanpa basisir geus ngagupayan ménta dikojayan. Bral geura undur tina pangkonan, geura hontal kasinugrahan. Hayu urang hirup babarengan, Apa geus nyiapkeun kandaraan juang pikeun ngajugjug lembur pangharepan.

Sok didu’akeun ku Apa lahir katut batin, mugia hidep duaan tinemu jeung kabagjaan

 

Sumangga kasep, geulis ayena gera sungkem ka Ibu Mertua.

Ema…. Ieu abdi putra mantu ema… nyanggakeun sungkem pangbakti ka salira nu miheman, Mageuhan tali kasono. Pidu’a anu kasuhun, widi ema kalih apa. Abdi tiasa laksana, enggoning ngalakirabi.

Anaking ku ema hamo disaha-saha, hamo di naha-naha, anak ema asal hiji jadi dua, poe ieu ema munajat ka Allah Subhanawataala tumamprak ku dua dampal leungeun, nampa kadatangan hidep, hidep anu dipikameumeut tur dipikanyaah Anu moal daek laos, moal arek luntur ku waktu.

Anaking jimat awaking, ema bagja liwat saking. Hidep baris ngaping ngajaring, rumawat ka anak ema. Masing teteg, masing panceg, ulah ham ham. Du’a ema nyarengan lumampahna hidep.

 

Tos ujang… nyai… ayena gera ngalih sungkem ka bapa mertua.

Apa…. Ieu abdi … putra mantu … Ieu aya kajabi sabada abdi rengse akad pertikahan seja sujud mundut do’a, kalayan rido ti salira.

Apa anu mikaasih ka jisim abdi, abdi neda pidu’ana, seja miheman ka tuang putra. Sapapait samamanis, sasarengan silih uyunan, ngahontal rido pangeran.

Bral anaking, mudah-mudahan jodo hidep duaan aya dina ridona Gusti. Apa ngajurung du’a, Ya Allah pangeran abdi sadya mugia pun anak aya dina ayem tentrem, repeh rapih, cageur bageur lahir bathin. Sareundeuk saigel, sabobot sapakayonan… Aya dina panangtayungan anjeun ya Allah

Bral anaking … Do’a apa marengan hidep

Nun Gusti Pangeran abdi sadaya… mugi Gusti ngahapunten kalepatan jisim abdi, pon kitu kalepatan sepuh abdi. Sareng mugi Gusti mikanyaah mikaasih ka aranjeunna sapertos aranjenna mikanyaah ka abdi waktos alit.

Robbana, atina fidunya hasanah wafil akhiroti hasanah, wakina adzabannaar…

VHD FRESH TERBARU VERSI 14.22.7.0 PELAKSANAAN GLADI DAN ANBK UTAMA 2022

 Asesmen Nasional atau biasa disingkat AN adalah evaluasi yang dilakukan oleh pemerintah untuk pemetaan mutu sistem pendidikan pada tingkat ...