Dalam setiap perhelatan acara pernikahan tentunya akan ada banyak acara yang dilangsungkan, mulai dari acara penyambutan sampai kepada acara sawer panganten! Nah, biasanya dalam sebuah acara pernikahan di daerah pasundan, terdapat acara yang paling sakral selain akad (Ijab Qabul). Pada kesempatan ini kami akan memberikan sedikit referensi narasi sungkeman, yang mudah-mudahan dapat menjadi bahan bagi anda yang membutuhkan. Namun jika masih ada kekurangan dan kesalahan dalam penulisan narasi ini, kritik dan saran sangat kami tunggu, demi perbaikan dan potingan berikutnya.
Berikut narasi lengkap sungkeman dalam acara upacara adat dari Pernikahan Adat Sunda. Semoga bermanfaat!
NARASI SUNGKEMAN
Ka dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah, sim kuring sateuacan ngiring jabung kumalaku, lumampah cumarita seja wakca balaka, wiréh sim kuring sanés pujangga anu ahli ngaréka basa, sanés sastrawan anu ahli dina ngaraéh caritaan. Kumargi kitu paralun maklum anu kasuhun, hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana kakedahannana. Ka para ahli ngukir sya’ir, pujangga ahli sastra mugia ulah haru ulah ganggu, sawios sim kuring neda widi paralun maklum sakedapan hoyong dikoréksi, diropéa, ogé dioméan manawi tiasa nyampurnakeun kana curat-corét sim kuring.
Bubuka
Bismillahirrohmanirrohim.
Kalayan nyebat Asma Pangéran,
Dzat anu Maha Welas tur Maha Asih. Seja kaula ngawitan mituturan sapasang manusa anu kiwari
parantos ngahiji kalayan widi Gusti Nu Maha Suci ngalangkungan jalan
jatukrami.
Dina ngawitan ngambah
ngabaladah sagaraning kahirupan, teu pisan-pisan urang samudayana anu sami
kersa sumping, kalayan ridlo lillahi ta’ala ngagebregkeun jiad pangdu’a ka dua
mempelai. Ngalangkungan du’ana Rasululloh SAW. Mangga urang ‘aos sasarengan :
Baarokallohu laka wabaroka
‘alaika wa jama’a bainakuma fi khoiir
(Mugia kabarokahan sareng
kasinugrahaan Alloh tumetep euntreup, nyanding mipir ngabanding, lamokot
geugeut ka hidep duaan, sareng pamudah-mudahan hidep duaan dikumpulkeunana ku
Alloh téh sinanding jeung kasaéan, amin).
وَوَصَّيۡنَا
ٱلۡإِنسَٰنَ بِوَٰلِدَيۡهِ حَمَلَتۡهُ أُمُّهُۥ وَهۡنًا عَلَىٰ وَهۡنٖ وَفِصَٰلُهُۥ
فِي عَامَيۡنِ أَنِ ٱشۡكُرۡ لِي وَلِوَٰلِدَيۡكَ إِلَيَّ ٱلۡمَصِيرُ
“Jeung Kami geus marentahkeun ka manusa
(pikeun ngabakti) ka indung bapana; indungna geus ngakandung manéhna dina
kaayaan lemah anu kalangkung-langkung lemahna, jeung indungna ngasuh manéhna
salila dua taun. Kudu syukuran ka Kami jeung ka indung bapa anjeun, ngan ka Kami wungkul anjeun bakal mulang. (QS. Luqman : 14)
Mangga ka pasangan panganten, geura lumampah
nyaketan kana pangkonan ibu rama
Kasép, Geulis…
Heup eureunkeun lengkah anjeun
duaan dipayuneun ibu rama. Teuteup kalawan geugeut pameunteu marantenna. Sawang
ku hidep duaan ka alam ka tukang anu jauh narawangan. Pék patepungkeun
paneuteup ajeun jeung paneutep indung bapa. Bayangkeun ku hidep yén dina satétés getih anu
ngaléméréh, sahégak nafas anu ngadami dina angen. Pék rarasakeun ku hidep
ratugna jajantung, rénghap ranjugna rarasaan. Tamperkeun dina sirah, seuseup
ngaliwatan napas lalaunan singreup alon-alon, kalayan rarasakeun yén hidep téh
keur nyeuseup kanyaah jeung kahémanna indung bapa.
Prak, mangga ujang-nyai. Kasép
– Geulis, Neng ….. Cep….. geura nyaluuh kana lahunan nu jadi indung.
Saméméh hidep duaan barang
pénta kanu jadi indung, pék haturananan heula tawis rasa tumarima ngalangkungan
basa ka anjeuna. Kalayan dimimitian ku keretegna manah. Uningakeun kanu janten
ibu, kieu unina : “Ema, dina danget ieu kalayan syaré’atna disakséni ku kadang
wargi anu hadir di dieu, hakékatna disakséni ku Alloh SWT, langkung tipayun
abdi seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketik kabingahan kana kasaéan anu
parantos dipaparinkeun ka abdi. Abdi jelas kahutangan ku Ema, ti kawit abdi di
kandung anu ilaharna salami salapan sasih, tangtos kapayahan anu
langkung-langkung. Siang kalayan wengi Ema teu weléh sumujud ka Rabbul ‘Izzati,
tumamprak ka Gusti Alloh neneda palay dipaparin putra-putri anu sampurna
salamet, waluya sapuratina.
Kasawang ku abdi kasusah Ema,
nalika bureuyeungan, seunggah gulang gasahan. Patuangan nyelekit beuki narikan.
Celekit dina parindikan, jeletot dina bobokong, reyang-reying teu betah cicing.
Harita basa tengah peuting Ema humarurung nyalira. Sakawitna moal
ngageumpeurkeun balaréa. Sugan jeung sugan kanyeri dina patuangan bakal
ngurangan. Nanging sanés ngurangan nyeri anu aya, malihan tambih-tambih nyeri.
Harita, Ema ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat. Ménta tulung, ménta
nyalindung.
Ema parantos béak déngkak
nahan kanyeri jeung kapeurih. Luut léét kesang badag, késang leutik burayoan
maseuhan sakujur salira. Nguyang darah, mandi getih, sakapeung dibarung ku
kasusah, sakapeung haté tugenah. Harita Ema parantos ngaboreuhkeun jiwa raga,
nyawa pingaraneunana. Anu namina ngajuru, luyu sareng istilahna. Hartina nyawa Ema
téh aya dina sajuruna deui.
Ema….. Dina waktu Ema ngalahirkeun
abdi, Ema bajuang dina tungtung hirup. Tanaga Ema, engapan Ema, kesang Ema, cai
soca Ema, getih Ema nyurugcug maseuhan bumi pikeun mélaan anu jadi anak.
Nalika gubrag si jabang bayi gumelar ka alam dunya,
denghékna sora orok ceurik sataker kebek, ceurik munggaran anu minuhan
wewengkon alam. Nya harita pisan basa ninggang kana wanci subuh abdi lahir ka
alam dunya. Ti harita Ema teu bisa kulem anu tibra, teu bisa léha-léha.
Ngupahan tur ngabélaan nu jadi anak. Budak gering milu gering, budak rungsing
henteu pusing. Ema milampah sadaya kabutuh nu jadi anak dumasar kana kaikhlasan
jeung ngagedurna rasa kanyaah anu taya wates wangenna.
Ema…., mugia dina danget ieu, wanci
kiwari abdi ngésto tina lelembutan abdi anu pangjero-jerona, tina mamaras manah
anu sadasar-dasarna abdi neda hampura tina samudaya dosa perdosa.
Tinangtos dosa abdi anu janten putra moal kaétang seueurna. Abdi yakin sanajan
sakumaha benduna, Ema lautan hampura jembar manah tiasa ngahapunten ka jisim abdi.
Deudeuh teuing kasép,
geulis anak Ema saleresna kasedih Ema dina danget ieu lain kusabab kapusingna
indung kanu jadi anak. Keun sagala kasalahan anu geus dipilampah kuhidep dina
waktu anu ka tukang ku Ema dihampura. Naning anu ngalantarankeun Ema sedih
danget ieu téh nyaéta kabeurat haté indung kanu jadi anak. Asa kamari hidep ku Ema
disééh, diakod-akod waktu orok, diméménan waktu budak. Harita basa hidep
gégag-gégag diajar leumpang, bari sakapeung titotorojol ti kajauhan hidep
tékah-tékah bari tuluy ngagabrug kana lahunan Ema. Bungah amar wata suta haté
anu jadi indung, nalika nu jadi anak tumuwuh mekar kalayan sampurna.
Kiwari, ti harita mangsa
ngaliwat bari teu karasa. Geuning si kasép anu dihancleung-hacleung ku Ema, si
Geulis anu ditimbang-timbang ku Ema teu sangka geuning geus sawawa, dewasa,
manjing milampah rumah tangga. Nyukcruk galur sunnah Rasul, mapay lacak papagon
agama. Samémangna parantos titis tulis ti ajalina, gurat qodar Nu Maha Kawasa. Hidep kiwari seja
ngamimitian ngabaladah sagara rumah tangga. Geura bral miang, bébér layar tarik
jangkar ku Ema didu’akeun mugia sing tinemu jeung kabagjaan dunya katut ahérat.
Mangga kasép, geulis geura ingkah tina lahunan Ema ngalih kana panggonan apa
Prak tumamprak, rep sidakep,
sir budi cita rasa. Sagulung-sagalang sukma nu paanggang kiwari ngahiji dina
seuseukeut kaasih kolot kanu jadi anak. Ujang, nyai – kasép, geulis. Sok
puseurkeun panyawang hidep kana kanyaah nu jadi bapa.
Apa…., rumaos abdi mindeng
musingkeun ka Apa. Dina danget kiwari clik putih jatining bersih, clak hérang
jatining padang, ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal, getih satétés
ambekan sadami, kiwari abdi neda jembar hampura tinu jadi bapa.
Beu kasép, geulis. Malati
lingsir na ati, angsana ligar ku mangsa. Hamo lingsir dina wanci, moal ligar
dina mangsa. Kiwari wanci tur mangsana Apa dumareuda wakca balaka ka hidep
duaan. Sabenerna, gunung karahayuan, pasir kaasih, sagala kanyaah Apa kahidep téh mémang
langka kakedal ku lisan, jarang karaba ku carita. Naning sanajan kitu,
ngahunyudna kanyaah Apa ka hidep téh tinangtos langkung-langkung kanyaah.
Sabab, sagala rupa anu diusahakeun ku Apa bélaan ngadua-duakeun huap, ti
sruk-sruk tidungdung bélaan poho ka temah wadi, teu aya lian nyaéta mélaan nu
jadi anak. Melak kai, ngingu sapi tur sagala cacawisan hirup taya lian nyaéta
ngakirangan nu jadi anak.
Anaking…. Dina salila ngipayahan,
nyumponan kabutuh hirup nu jadi anak. Sakapeung mah Apa téh mindeng baringung,
ditambah bangluh kasusah nalika teu bisa nyumponan kahayang nu jadi anak. Apa
rajeun ngalamun, mikiran tur narékahan kumaha carana sangkan kahayang nu jadi
anak bisa kacumponan sapuratina.
Keun cuang teundeun kakeuheul
anu geus harareubeul, cag cuang tunda kangéwa anu geus tiheula. Cuang ganti ku
budi anu sajati, ku wajah anu marahmay. Sok ku Apa kiwari hidep dihampura,
sagala rereged, kaijid, kangéwa, tur kageuleuh, kiwari balungbang timur, caang bulan opat welas, jalan
gedé sasapuan.
Cag, anaking geura tandang
miang makalangan, geura milampah babarengan kalayan diwuwuh ku du’a nu janten
sepuh. Dijiad ku panghiap nu jadi bapa. Montong melang, tong salempang
léngkahkeun sampéan bari ngucapkeun niat seja milampah tugasna Pangéran……
Tuh geuning, sagara tanpa
tutugan. Sagara tanpa basisir geus ngagupayan ménta dikojayan. Bral geura undur tina pangkonan,
geura hontal kasinugrahan. Hayu urang hirup babarengan, Apa geus nyiapkeun
kandaraan juang pikeun ngajugjug lembur pangharepan.
Sok didu’akeun ku Apa lahir
katut batin, mugia hidep duaan tinemu jeung kabagjaan…
Sumangga kasep, geulis ayena gera sungkem ka Ibu
Mertua.
Ema…. Ieu abdi putra mantu ema… nyanggakeun sungkem
pangbakti ka salira nu miheman, Mageuhan tali kasono. Pidu’a anu kasuhun, widi ema
kalih apa. Abdi tiasa laksana, enggoning ngalakirabi.
Anaking ku ema hamo disaha-saha, hamo di naha-naha, anak ema asal hiji jadi dua, poe ieu ema munajat ka Allah Subhanawataala tumamprak ku dua dampal leungeun, nampa kadatangan hidep, hidep anu dipikameumeut tur dipikanyaah Anu moal daek laos, moal arek luntur ku waktu.
Anaking jimat awaking, ema bagja liwat saking.
Hidep baris ngaping ngajaring, rumawat ka anak ema. Masing teteg, masing
panceg, ulah ham ham. Du’a ema nyarengan lumampahna hidep.
Tos ujang… nyai… ayena gera ngalih sungkem ka bapa
mertua.
Apa…. Ieu abdi … putra mantu … Ieu aya kajabi
sabada abdi rengse akad pertikahan seja sujud mundut do’a, kalayan rido ti
salira.
Apa anu mikaasih ka jisim abdi, abdi neda pidu’ana,
seja miheman ka tuang putra. Sapapait samamanis, sasarengan silih uyunan, ngahontal
rido pangeran.
Bral anaking, mudah-mudahan jodo hidep duaan aya dina ridona Gusti. Apa ngajurung du’a, Ya Allah pangeran abdi sadya mugia pun anak aya dina ayem tentrem, repeh rapih, cageur bageur lahir bathin. Sareundeuk saigel, sabobot sapakayonan… Aya dina panangtayungan anjeun ya Allah
Bral anaking … Do’a apa marengan hidep
Nun Gusti Pangeran abdi sadaya… mugi Gusti ngahapunten kalepatan jisim abdi, pon kitu kalepatan sepuh abdi. Sareng mugi Gusti mikanyaah mikaasih ka aranjeunna sapertos aranjenna mikanyaah ka abdi waktos alit.
Robbana, atina fidunya hasanah wafil akhiroti hasanah, wakina adzabannaar…
No comments:
Post a Comment